Cung saha pembaca nu di die anu gaduh band, ? nah para pemirsa anu budiman, anu ku urang di pikanyaah, kareup teuing para penggemar ek nyaah atau henteu ka urang , sabodo teuing pokonamah. Masih keneh maca ieu blog haduuuh, tong di tuluykeun macana pasti katagihan hayang utah ke na hahaha.. heureuy mang.
Pasti waktu arurang nuju SMA atanapi SMP gaduh anu namina impian, mun urang mah hayang bga band siga Linkin Park . Ngajedog di leweung gen da apal kanu luar luar negri mah atu, "think global act local" cieehhh bahasa sakitu kitu na gen -__-. Kusabab urang mah sora jeung beunget siga henteu sinkron jadi hanya sebatas Impian ( deng nasib ).
Nah ayeuna urang ek ngajelaskeun babaraha band ti bandung ti urang sunda anu atos go international ( cie cie cie ) henteu ngajedog we di lembur sorangan kuralang kuriling manggung kaditu kadiee.
Anu no ka
1.Burgerkill
Njirrrss keren heeh tuh awaknna jaradi sarixpack beunget na sareureum bari jeung garanteung, maraneh mah siga tai ucing beuget teh " hasyeeuummm" heurey mang :D.
Ieu band asal na ti ujung berung aslina mah, band anu mengusung aliran musik na Metalcore anu di kombinasikeun reng Death Metal. Pokonamah edunnn pisa mun ceui urang ngadengekeun ie , beuuuhhh hayang nateh ngamuk jeung ngacak. cocok mun keur loba kapusing.
Band anu mulai karir na sejak tahun 1999 atos menangkeun tawaran ti rekaman indie ti malaysia nyaeta Three way split sareng dua band nyaeta infereal ( malaysia) dareng Wath it fall ( perancis )henteu dugi kadinya wungkul tahun 2001 Burgerkill bekerja sama dengan apparel acuk nyeta "PUMA" mung ngan satahun.Sareng lanjut ku perusahaan asal australia nyeta insign. Burger kill remeun pisan manggung di luar negri contoh manggung bareng black dahlia murdered , as i lie dying, sareng Himsa.
Urang mah reseup kana lagu anu bareng jeung fadli padi nyaeta "tiga titik Hitam'
No ka 2.
Jasad
Haduh tina ngarana gen geus kateubak aliran musik na, mun ceuk bahasa sunda mah "mayit" alias jalma anu geus modar -__- ieu gen sami band aliran death metal , jasad terkenal ku salah sahiji lagu anu judulna nyaeta " kujang rompang" lain peso rompang , Kujang rompang lirik laguna di asupan kata kata ti raja pasundan. Babaraha album jasad sukses pisan, eta penyebabna kunaon band jasad osok di undang kana acara musik metal luar negri. Event anu pernah ngundang Jasad nyaeta "tour kuala lumpur METAL CAMP III bareng jeung band metal ti jepun ( jepang ) nyaeta defield , hummilition ( malaysia) tormentrees (singapura) jeung purgatory ( thailand ) dina tahun 2010 baheula
musik na jasad remeun di identikeun jeung Suffocation jeung Dying Fetus.
nu ka 3.
Bottle Smoker
Nah ieu band anu paling irit, jeung mun gajihan enak ngan duaan jadi henteu puyeng bagi bagi na, band anu ngusung aliran musik pop electro, anggota na nyaeta si akuy jeung si nobie geus ngaluarkeun album 2 album jeung hiji single. Hebat na band ieu lagu na henteu di jual. "Hah henteu di jual terus menang duit timana ? "tong waka ngajenghok heula cicing dengeukeun heula band ieu masarkeun laguna lewat internet di gratiskeun ngadownload , hebat ieu band, tah ari allah mah adil nya, saenggeus di pasarkeun lewat net label band ieu tour na henteu di indonesiaaa"njirrrrr gening bisa kitu ceunah ?" tah eta hebat na band ieu, band botle smoker ngamulai tour na di malaysia jeung tour deui di philiphina nyaeta di A*fest Philiphina. Tah mana gen berkarya wae heula tong waka mikiran duit jeung duit ke gen duitmah nuturkeun , beneuur teu ?
ieu mah karek nyieun lagu siga sora tongeret gen RBT kudu mayar 3000 perak . manggung dinu hajatan meuni kudu manyar sora alus mah leuheung -___- sora siga vespa PX gen meuni bangga.
4. Mocca
Mocca band anu beraliran Jazz sami ti bandung , hampir tos ngarajaan pasar ASIA, jepang,thailand,korea selatan,philiphina jeung sajabana tos ngalakon di tincak, anu mantak ngajenghok nyaeta basa Mocca keur di Korea selatan di undang ka acara live TV ( mun di urang mah acara hitam putih pokona acara anu Gede ) mocca tampil full jeung ngabawakeun lagu laguna , bari orang korea na narurutan, di jepang lagu mocca di jadikeun Original soundtract salah sahiji iklan di jepang. Tukh ari di indonesia mah henteu kadenge denge acan, nya heeh da di luar negri wae. Teu siiga band ayeuna buuk di beureuman nyanyi lirikna siga keur dongeng skill na bisana konci dasar, meuni sombong kabina bina.
5 The Siggit
Tah mun ieu pernah nonton langsung di cirebon di hotel aston tempatna, band ieu pernah jadi salah satu band anu tampil tina 1163 anu tampil di submerged. Band anu anggota na Rekti, Farri, Acil dan Adit ini tampil di San Francisco, California. The S.I.G.I.T pernah manggung di
Thee Parkside bareung jeung band punk / garage / psychedelic rock asal Los
Angeles, Lords of Altamont pada 15 Maret 2009.
Sakitu we ti urang , tah eta ngabuktikeun bahwa urang pasundan kreatif jeung barisaan, urang salaku urang pasundan tong eleh geleng ku jalma anu ti luar, da kabeh gen jalama sarua we ngadahar na mah sangu lain seuneu. beneur teu ?
"keep creative and stay humble" cie cie bahasa inggris sakitu kitu gen :D
hayu ah para penggemar cuang bobo siang...
wassalamualaikum





0 komentar: